Showing posts with label BUDAYA. Show all posts
Showing posts with label BUDAYA. Show all posts

Thursday 1 March 2012

ACARA NIKAHAN ORANG SUNDA

Naskah kanggo Panata Calagara dinu nikahkeun
BUBUKA
Assalamua'laikum Wr. Wb.
Bapa-bapa, Ibu-ibu, para wargi sadayana anu sami linggih hormateun sim kuring. Sakumaha kauninga ku sadayana, alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen acara bade dikawitan.
MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET
Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan ____________ katelahna, tempat anyar pangharepan, sarakan keur kahirupan kulawarga.
Calon panganten istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.
PANGALUNGAN MANGLE
Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perlambang kaberesihan manah (mangle di kalungkeun).
Haturan wilujeng sumping ka calon panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.
SESERAHAN
Bismillaahirrohmaanirrohiim
Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten pameget miwah rombongan, bawiraos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga manusa pangeusi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, sareng lisan dina saliring dumadi, teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huut tina guguran, namung kedah di bejer beaskeun, kembang boled nu tetela.
Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku galindeng ayat-ayat suci Al-Qur'an anu baris kasanggakeun ku ____________________________
Ngahaturkeun nuhun ka____________________ nu parantos ngagalindengkeun kalam ilahi, mudah-mudahan ageung mangpaatna kanggo nu maoskeun hususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngadangukeun. "amin".
Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih rengat nya mamanahan, aya naon nya pamaksadan, numawi jauh-jauh dijugjug anggang-anggang diteang? Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebeting kalbu jeroning ati).
PANAMPIAN
Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun jangji pasini , manjangkeun simpay babarayaan, sakotretna tina hate.
Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeung bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanana. Sim kuring saukur darma, teu wasa panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu disepuhkeun ti pihak calon panganten istri. Waktos di sayogikeun.
Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah kagiri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo meuntas. Jalan gede sasapuan batu turun keusik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.
Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana. Mangga salah sawios cacandakan didugikeun minangka simbul ti Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nu sanesna mah diantaykeun bae manawi.
(Mangga calon panganten pameget di candak kalebet heula kangge didangdosan).
AKAD NIKAH
Para wargi sadayana..
Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih antawis Neng_____________ sareng Cep __________________.
Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja mangka nyata, neda panyakseni ti para wargi sadayana, upacara akad nikah seja dikawitan.
(Mangga candak calon panganten istri ka luar).
Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Nikah.
..........................................................
Alhamdulillah wa sukurillah kalawan rido gusti anu maha welas tur maha asih, oge pangdu'a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar.
Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun ka pangersa ___________________.
DO'A
Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do'a. Kanggo mingpin do'a, mangga pangersa __________________ dihaturanan.
Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah tata titi sareng undak usuk basa, hapunten anu kasuhun.
Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah: Alhamdulillaahi robbil 'aalamiin.
Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.